1

Paribasa Jeung Babasaan Sunda

Dikirim Dede Sulaeman

Banda tatalang raga

Kakayaanmah pikeun ngabagjakeun awak, kusabab kitu leuwih hade ngorbankeun banda tibatan cilaka awak.

Bentik curuk balas nunjuk
nganbisa marentah atawa nitah hungkul , heunteu prak di pigawe kusorangan.

Murag bulu bitis
teu resep cicing di imah , hayang nyanyabaan atawa udar ider bae.

Sabobot sapihanean sabata sarimbangan
Hirup akur , runtut- raut , sakasuka sakaduka.

Di Babuk lalay
di perekpek kupanenggel , diteunggelan

Hambur bacot , Murah Congcot
Babari nyarekan , tapi berehan

Aya Bagja teu daulat
Rek menang bagja teu tulus

Unggah ka bale Watangan
Katarik perkara

Caang bulan dadamaran
Migawe hal anu teu di perlukeun deui

Cicing dina sihung maung
Hirup atawa kumawula ka gegeden , sok milu kaajenan batur

Nyium bari ngegel
Muji bari ngarah pamere

Cadu mungkuk haram dempak
Minangka sumpah moal daek ngelehan maneh

Gurat cai
Teupuguh janjina , sokrobah tangtungan

Ciri sabumi cara sa desa
adat kabiasaan di unggal nagara atawa daerah beda - beda

Geus turun amis Cau
Geus tembong kawanitaannana , geus mangkat beger.

Nyengeut damar di suhunan
nembongkeun kabengharan ku mere maweh ka dengeun-dengeun ngarah pamuji , ari ka keluarga sorangan koret .

Di bere sabuku menta sajeungkal , di bere sajeungkal menta sadeupa
Kusabab di bere hate ,ngadadak loba pamenta

Hate jelema sanajan deet moal kakobet
kacida hesena sangkan nganyahokeun kaayaan hate atawa kahayang hiji jalma

Pait daging pahang tulang
Cageur, teukeuna ku panyakit naon bae.

Ngadago-dago dawuh
Tereh maot, ngadagoan panyaur pangeran

Jual dedet
Ngajual barang satengah maksa

Beak dengkak
Geus beak tarekah

Kawas hayam keur endogan
teu daek cicing lantaran hate kawer atawa geus teu sabar ngadagoan anu di arep-arep

Elmu tumbila
Nuboba imah ngarugikeun ka tamu

Cara embe
embung mandi , sabab sieun ku cai

Nyieun pucuk ti girang
nyiun jalan pipaseaeun

Mobok manggih gorowong
Kabeneran aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju

Goong nabeh maneh
Muji atawa ngagulkeun diri sorangan

Nyoo Gado
Ngaheureuykeun jalma nu pantes dihormat

Galak timburu
Babari timburuan

Leutik-leutik ngagalatik
Jelema leutik tapi wanian

Halodo sataun lantis ku hujan sakali
Kahadean nu sakitu lilana lengit ku kagorengan sakali

Herang caina beunang laukna
Hasil maksud kalawan teu ngaganggu ka batur

Hampang birit
Daekan di titah

Handap asor
daek ngahormat kabatur

Harewos Bojong
ngomong nu diharewoskeun tapi kadenge ku nu deukeut ka nu di harewoskeun

Haseum budi
leuwih loba baed jeung cemberut tibatan seuri atawa marahmay.

Indung lembu bapak banteng
Turunan gagah beunghar , turunan menak ti indung ti bapak

Ipis biwir
epes meer , babari ceurik

Jadi sabiwir hiji
jadi omong ( carita ) sarerea.

Kaciwit kulit kabawa daging
kabawa goreng ku kalakuan baraya anu salah

Kajeun panas tonggong , asal tiis beuteung
kajeun teuing cape digawe , asal bisa dahar kalawan cukup

Kandel kulit beungeut
teu boga kaera



Posting Komentar

Jangan Lupa isi Komentarnya