Lamun ninggali ka Sawah Lega...urang sok ingeut ker letik loba kenangan anu endah ....
lamun usum Tandur di sawah urang sok di bawa ku bapak...ngala beulut ( ngobor belut ) peting tas shalat isa bapak tos ngahurungkeun patromak kanggo nyaangan neangan belut...sora bangkong jeung jangkrik saakan akan ngabageakeun kadatangan urang jeung bapak cahaya bulan ngilu nyaangan.
lempang mamapai galeng jalan satapak neangan sawah anu tas di pacul biasanamah belut sok kalaluar amun tas di pacul.
Lamun basa urang keur leutik di Sawahlega belutna Loba jeung Baradag dina sapeuting urang bisa menang belut saember pinuh ....tapi ayeuna mah kuperkembangan jaman jeung kasarakahan jalma cara cara ngala belut geus lain , loba jalma anu ngalana pake obat di Portas atawa di setrum....otomatis..belut pararaeh nepikeun ka anak anakna jadi barudak ayeuna lamun ngureuk jeung ngobor geus langka menang belut anu badag.
Loba jalma anu embung cape tapi hayang menang belut loba sagala cara di lakukeun teu paduli ka generasi penerus anu peunting wareg beuteungna.