1

Semar Badranaya

Dikirim Dede Sulaeman

Semar Badranaya nyaeta Ramana Cepot, Dewala , Gareng.
Nurutkeun Carita Semar tadina Boga Dedeg pangadeg kasep ngalempereng koneng, terah Dewa anu Sakti pilitanding, ngarana Batara Ismaya atawa Sang Hyang Munget , Putra Sang Hyang Wenang anu hirup di Kalampit Sireng Khayangan .

Dina hiji waktu, Semar kabita ku Jimat Jamus Layang Kalimusada nu dipimilik ku adina, Sang Hyang Rancasan. Bakat ku kabongroy ku éta pusaka, manéhna jeung adina nu hiji deui, Sang Hyang Antaga, ngahurup Sang Hyang Rancasan nepi ka tiwasna. Malah bugangna didalahar ku duaan, sedengkeun pusakana leungit taya tapakna. Sanggeus kitu, Semar jeung adina ngadadak saralin jinis, robah jadi dedegan jalma nu pikahinaeun. Maranéhna dialusir ku ramana, Sang Hyang Wenang, dibuang ka Marcapada :Sang Hyang Ismaya jadi Semar, sedengkeun Sang Hyang Antaga jadi Togeg.

Semar kacida ngarasa kaduhung ku hiji ku dua, tina gagah gandang sampulur, dedeganana robah jadi goréng patut: beuteng bucitreuk, beunget pias, pakulitan hideung, sirah kukuncungan, jadi hina diusir ti Kahyangan. Tapi najan kitu, manéhna sadar sahingga bisa nampa kalawan sadrah ka Pangéran, rumasa tina kasalahanana sorangan.
Pikeun nebus kasalahanana, Semar kumawula ka manusa turunan Batara Wisnu Saka nu sarakti atawa ka nu ngagem jimat Jamus Layang Kalimusada, kajeung diri lara balangsak. Pikeun tamba keueung, Semar nyiptakeun tilu putra: Astrajingga/Cepot, Udel/Dawala, jeung Gareng. Tilu putrana éta ogé mibanda rupa nu teu parayus, tapi saparipolahna: pikalucueun.
Ki Semar migarwa Déwi Sutiragén, putra raja Sekar Rumumbé, nu salawasna satia satuhu ka Semar Badranaya.

Posting Komentar

Jangan Lupa isi Komentarnya