1

Papatah Kolot Baheula

Dikirim Dede Sulaeman

Maung ngamuk gajah meta
( Ada kerusuhan atau kekacauan )

Geulis kawanti-wanti endah kabina-bina
( sangat cantik tak terlukiskan )

Di dinding kelir di sindang siloka
( diibaratkan dengan kiasan )

Kakoncara kamana-mana, ka jamparing angin-angin
( Sudah sangat terkenal )

Geletuk batuna, gejebur caina
( Keputusan akhir )

Indung tungkul rahayu, bapa tangkal darajat
( Orangtua harus dihormati )

Inggis ku bisi, rempan ku sugan
( Khawatir yang berlebihan )

Takdir teu bisa dipungkir, qadar teu bisa di singlar
( Tidak bisa menghindari nasib/takdir )

Legok tapak genteng kadek
( Banyak pengalaman )

Urang teundeun di handeuleum sieum, Tunda di hanjuang siang
( simpan dengan rapi )

Nete taraje nincak hambalan
( hati-hati dalam bersikap )

Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket
( Waspada / Siaga / hati - hati )

Kagunturan madu, kaurugan menyan putih
( Bahagia sekali )

Katarik ati kagendang asmara
( Jatuh cinta )

Teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan
( Teguh pendirian )

Cunduk waktu nu rahayu, niggang mangsa nu sampurna, niti wanci nu mustari
( Tepat pada waktunya )

Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak
( Selalu bersama )

Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina
(integrity harus mengikuti etika yang ada)

Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh
(harus saling mencintai, memberi nasihat dan mengayomi).

Pondok jodo panjang baraya
(siapapun walopun tdk jodo kita harus tetap menjaga persaudaraan )

Bengkung ngariung bongok ngaronyok
(team works & solidarity dalam hal menghadapi kesulitan/ problems/ masalah harus di solve bersama).

Bobot pangayun timbang taraju
(Logic, semua yang dilakukan harus penuh pertimbangan fairness, logic, common sense, dlsb)

Lain palid ku cikiih lain datang ku cileuncang
(Vision, Mission, Goal, Directions, dlsb… kudu ada tujuan yg jelas sebelum melangkah).

Ulah keok memeh dipacok
(Ksatria, jangan mundur sebelum berupaya keras).

Kudu bisa kabulu kabale
(Gaul, kemana aja bisa menyesuaikan diri)

Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok
(Persistent, keukeuh, semangat pantang mundur).


anu bade nambihan mangga di antos...haturnuhun...

  1. Unknown Says:
  2. hatur nuhun Kang Dede , refreshing, oge nambihan wawasan paripaos bahasa sunda abdi.

     
  3. adi Says:
  4. sapagados kang tito

     
  5. Amaliya Says:
  6. Punten...aya nu kedah dilereskeun
    1. Indung tungkul rahayu, bapa tangkal darajat
    kedahna
    Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat.
    Tiasa oge dipanjangkeun kieu:
    Ulah munjung ka gunung, ulah muja ka sagara,
    ari munjung kudu ka indung, muja ka bapa
    da indung mah tunggul rahayu, bapa mah
    tangkal darajat.
    2. Bengkung ngariung bongok ngaronyok
    anu leres
    Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok.
    3. Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok
    anu leres
    Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok

     
  7. Hatur nuhun teh Amaliya parantos ngalerekeun hartosna maklum ngetikna bari nunutan he..he ....katampi pisan upami keursa abi nyuhunkeun deui papatah2 / pribahasa kolot baheula kanggo di tambihan deui...maklum di jaman ayeuna tos poek tos teu kadangu deui papatah kolet baheula tos paroho panginteun...

     
  8. http://menjawabdenganhati.wordpress.com/category/papatah/

     
  9. Anonim Says:
  10. asa na mah "kakoncara ka janapria, kajamparing angin-angin" - "kumeok memeh dipacok" - "katarik ati kagendam asmara".. tapi duka ... manawi

     
  11. Ahmad Says:
  12. hatur nuhun parantos posting papatah sunda sapertos nu di luhur, abdi padahal urang sunda asli, tapi kirang terang papatah2 kolot baheula sapertos nu di luhur. ku ayana postingan ieu abdi janten terang papatah2 kolot jaman baheula. :)

     
  13. Unknown Says:
  14. uncal,teu ridu ku tanduk
    (ilmu gak berat dibawa-bawa)

     
  15. Anonim Says:
  16. sae pisan kang

     
  17. Unknown Says:
  18. kataji pisan ku papatah di luhur anu tos hese deui di pendakan kedahna mah lebet kana pelajaran khusus paribahasa sunda di sakola saola teh nya..duuuh nineung

     
  19. mantap kang

     
  20. Anonim Says:
  21. Assalamu'alaikum
    Ijin copas min

     

Posting Komentar

Jangan Lupa isi Komentarnya