1

Ngamumule Seni Sunda

Dikirim Dede Sulaeman






Kacida deudeuhna lamun jaga anak incu urang Era lamun maenkeun alat musik Sunda atawa ngawih tembang sunda, Kacida ngagerihna hate urang jeung karuhun-karuhun urang lamun anak incu urang teu nyahoeun Naon ari Kacapi, Suling,Goong, Bonang,Peking,Calung, Boa-boa lamun hayang diajar Seni Sunda , basa Sunda jeung sastra Sunda oge kudu ngulik ka mancanagara, ka Walanda, kusabab di Indonesia euweuh ahlina. da generasi anu ayeunamah geus era mainkeun kasenian sunda leuwih ngabanggakeun budaya asing.
Saha deui nu baris ngajaga hirup-huripna, ngariksa, miara Budaya, Kesenian Sunda Jeung basa Sunda teh iwal ti urang. Tinggal Photo Photo anu aya di luhur urang barat oge Rareseupeun komodeui urang anu bogana kudu bangga....hayu ah Urang mumule Seni Sunda....



Gambar Kenging nyandak di SEKAR ENGGAL
alamatna
http://web.mac.com

Posting Komentar

Jangan Lupa isi Komentarnya