1

Bima

Dikirim Dede Sulaeman


Satria Bairawa di Gulpawenang, putra Prabu Pandudéwanata ti Astina. Boga dulur lima, Adipati Karna (saindung béda bapa; bapana Karna mah Batara Surya ti Déwi Kunti), Yudhistira atawa Samiaji, Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa (Nakula katut Sadéwa mah, misah indung; indungan Déwi Madrim).
Bima mindeng disebut Satria Jodipati, Satria Unggul Pawenang, Bayusutra, Bilawa, Barataséna, Aria Bima, Kusumayudha, Kusumadilawa, Pandusiwi, Aria Séna, jeung Brataséna.
Boga anak opat, nyaéta Sambang Nilakaca (ti Déwi Urangrayu), Jakatawan (ti Déwi Bedawangwati), Anantareja atawa Anantaséna (ti Déwi Nagagini), jeung Gatotkaca (ti Déwi Arimbi).
Bima gé boga dulur sababayu atawa rundayan “Bayu” nyaéta Anoman ti bangsa monyét, Liman Situbanda ti golongan gajah, Jajah Wreka ti bangsa raksasa, sarta Ardi Maénaka ti bangsa tutuwuhan.
Bima lahir kalawan aya bungkusna. Boga pakakas perang nyaéta “Gada Lukitasari” atawa “Gada si Rujakpolo”, Aji Bandung Bandawasa, Aji Blabag Pangantol-ngantol, Gelang Candrakirana, Kuku Pancanaka, Panah Bargawastra, Alugora.
Bima bisa leumpang bareng angin, sababna mah Bima téh masih kénéh rundayan “Bayu”; sakujur awakna mental ku sagala rupa sanjata. Pangna kitu téh Bima keur leutikna kungsi dimandian ku Prabu Destarata.
Dina carita “Bratayudha” Bima réa pisan niwaskeun urang Kurawa, di antarana baé Prabu Suyudana nu acur dibebek ku “Gada Lukitasari”, Sangkuning diwewejét ku kuku Pancanaka, pon kitu deui Dursasana jeung Aswatama.

Posting Komentar

Jangan Lupa isi Komentarnya